Lirik Lagu Persib Juara dari Doel Sumbang

Jadi juara lain pagawean dosa

 Mun  dipareng meunang ulah jadi bekah sirah

Mun dipareng eleh tong ngalehleh komo leweh

Dina pertandingan eleh menang mah biasa

Tong dipake leuleus komo jeung aral subahar

Bobotoh Persib nu ngaku tulus di cinta

Lamun Maung Bandung eleh kuciwa biasa

Tapi ulah murang maring kawas jalma geuring

Komo bari make ngaruksak sagala rupa

Kota Bandung milik urang sarerea

Lamun ruksak leubar kabina-bina

Komo ukur alatan rasa kuciwa

Beda Maung Bandung eleh dina main bola. (dwa)